Senin, 03 Desember 2012

Aku pasti Bisa


Mentari terbenam temani dalam kesendirianku
Temani aku dalam kepedihan ini
Ku bertahan
Mentari terbenam beri semangat baru tuk jiwaku
Beri kicauan merdu tuk hidupku ini
Ku bertahan
Aku pasti bisa
Menikmati semua dan menghadapinya
Aku yakin pasti bisa
Mentari terbenam beri semangat baru tuk jiwaku
Beri kicauan merdu tuk hidupku ini
Ku bertahan
Aku pasti bisa
Menikmati semua dan menghadapinya
Aku yakin pasti bisa
Aku pasti bisa
Menikmati semua dan menghadapinya
Aku yakin pasti bisa
Aku ingin lepaskan seluruh bebanku
Dan ku jalani hidupku dengan senyuman
Aku pasti bisa
Menikmati semua dan menghadapinya
Aku yakin pasti bisa
Dan ku jalani hidupku dengan senyuman

Selasa, 20 November 2012

Wawacan Mundingkawati


Wawacan Mundingkawati

Identitas buku

Judul               : Mundingkawati Didangdingan Ku  : Dirina
Penerbit           : PITALOKA, Garut
Tebal               : 23
            Kacaritakeun aya hiji Raja anu atos mangtaun-taun ngalaki rabi tepi teu acan kangungan putra, dugi ka nyungkeun diubaran ku dukun mugia kagungan putra. Leres wéh teu lami ti éta Praméswari hamil dugi ka ngalahirkeun bayi pameget. Bayina meni kasép pisan, seueur anu nyarios yén putra Raja téh meni pantes pisan kanggo janten Raja engké. Bayi Raja téh namina Mundingkawati, saatos déwasa katinggal sipat-sipat anu nyirikeun tindak-tanduk teu hade. Bakat ku diogo teuing ku Ibu Ramana, Mundingkawati janten adigung pisan lantaran ngarasa putra Raja. Teu ka kolot teu ka nu ngora nyariosna kasar téh, sakasar perilakuna.
            Hiji waktos Mundingkawati ngajak Punggawa kanggo moro uncal ka Leuweung. Teu seueur anu ngiring mung sababaraha urang hungkul. Nalika di Leuweung Mundingkawati ningali uncal langsung wéh diudag. Teu ka raos atos dugi cakeut jurang bét ayeuna mah kalah ka janten Karajaan anu agréng. Bari ningalian kalebet Mundingkawati bakat ku reuwas aya Karajaan agréng di Leuweung. Teu lami Raja Jin Bulu Hérang ngadatangan Mundingkawati, Raja Jin langsung nyaritakeun kagoréngan Mundingkawati bari mamatahan ulah adigung cara kitu, tapi Mundingkawati alimeun kalah ka leuwih adigung. Raja Jin téh ngutuk Mundingkawati janten uncal, terus langsung kaluar ti Karajaan éta. Di jalan Mundingkawati anu janten uncal téh papendak sareng Punggawana, kalah ka bade ditumbak tapi si uncalna kalah ka kabur.
            Nalika sore Punggawa mulang bari ngabéwarakeun yén Mundingkawati leungit,Raja Gandawangi sareng Praméswari saredih pisan. Saatos dikutuk janten uncal, Mundingkawati dikutuk janten aki-aki réngkod. Aki-aki réngkod téh ngadongkapan hiji kampung bade nyungkeun pitulung, tapi kalah ka dihusir ku Ronda. Bakat ku cape anjeuna calik di handapeun tangkal ageung, Raja Jin téh dongkap deui. Mundingkawati jangji moal adigung deui jiga basa harita, terus wéh Raja Jin ngabulkeun paméntana. Saatos Mundingkawati janten manusa deui langsung mulih ka Karajaanana, Raja sareng Praméswari bungah pisan ningali Mundingkawati mulih. Mundingkawati nyungkeun hampura ka Ibu Ramana lantaran sikep adigungna sareng kasadayana ogé. Mimiti ti dinya Mundingkawati janten jalmi anu soméah.


Kekecapan anu saé :
Sinom
“ Sim abdi maksad pertobat,
Sumpah ka Déwa nu leuwih,
Jangji ti danget ayeuna,
Moal kumawantun deui,
Ogoan goréng budi,
Teu tumut ka wuruk sepuh,
Karaos balukarna,
Nu bedegong ieu aing,
Teu yamuga doraka matak sangsara”.
Kekecapan di luhur téh kekecapan nu saé kulantaran kandungan maknana jéro pisan nyaéta, lamun urang adigung, teu nurut ka sépuh, goréng budi balukarna bakal kena ka diri urang sorangan moal kasasaha deui, kulantaran kitu urang ulah wani-wani kitu karunya sépuh anu mikiran urang siang wengi lantaran sikep urang nu goréng sanajan anjeuna mah moal weleh teu asih ka putrana mah. 

DURIAT


DURIAT

            Duriat hartosna trésna atanapi cinta, anu sok diucapkeun nalika nuju katinggang lové lamun saur urang barat mah. Kekecapan cinta téh sok ngagoloyor baé abong-abong nuju falling in love mah, anu biasana disebat goréng tiasa janten hadé, sagala kagoréngan ogé asa teu kaciri da nu kacirina mah sampurnana, lamun aya anjeuna asa tengtrem ieu haté, sanajan mimitina mah osok éraan kénéh tapi ari atos lami mah asa teu éraan deui. Rasa bagja anu teu katulungan lamun jalmi anu ku urang pikacinta tiasa janten batur hirup, asana téh dunia nu duaan, nu sanés mah ngontrak. Tapi teu sadaya carita cinta téh mulus-mulus waé pasti aya masalahna, teu nu gedé teu nu leutik pasti aya. Aya ogé istilah Jodo mah jorok maksad ti istilah éta téh, ngajodosareng jalmi anu teu disangka-sangka. Janten manusa mah ngantiasa usaha, mung Allah SWT anu nentukeunana, da jodo mah moal patuker jeung moal kamana. Asal urang kudu yakin pilihan Allah téh pasti nu panghadéna kanggo urang, ulah sok gurung gusuh teu puguh nuturkeun napsu.
            Jiga eusi dina ranggeuyan carita pondok ieu anu nyarioskeun perkawis carita cinta ti para sepuh anu dugi tiasa laki rabi sareng carogena. Aya jajaka Sunda namina Kang Jajang anu nikah sareng wanoja Amérika nu namina Mary Jo, sanajan jarakna jauh pisan tapi ari namina jodo mah moal kamana. Wanoja Amérika téh kataji ku pari polahna anu sopan sareng raketna antawis kulawargana anu teu dikagungan ku wanoja éta. Saatos nikah mah kulawarga wanoja téh rubah janten leuwih raket batan basa éta anu pajauh pisan. Padahal mah Kang Jajang téh Manager di salah sahiji Réstauran di Amérika, Téh Mary Jo janten pelayan di Réstoranana. Téh Mary Jo ngiringan khursus ngadamel keramik anu teu pati jauh ti tempat didamelna, hiji waktos Kang Jajang téh hoyong ngiring kaditu dianter wéh ku Té Mary Jo, diditu anjeuna ningalian hasil keramik ti murid-murid si Aki-aki, aya hiji keramik anu saé ternyata éta téh karyana Téh Mary Jo. Mimiti ti dinya Kang Jajang miwarang Téh Mary Jo kanggo neleman bakatna nyaéta dina bidang keramik dugi ka Téh Mary Jo meunang workshop kanggo seniman ngora ka Pulau Kréta, Yunani. Saatos mulang ti acara workshop éta Téh Mary Jo diajak kang jajang ka Indonesia kanggo papendak sareng ibu ramana, teu lami ti éta Téh Mary Jo sareng Kang Jajang ngalaki rabi.
Caritana Téh Yuni mah bénten deui jeung nu sané nyaéta, anjeuna mah tepang sareng carogéna ti ngawitan anjeuna sakola kénéh di Sakola Guru Atas tah kaleresan Kang Daman téh osok masihan studiclub ka ayi-ayi anu masih sakola kénéh da Kang Daman mah atos janten mahasiswa. Téh Yuni kaleresan ngiringan studiclub Matématika sareng Kimia anu diajarna ku Kang Daman, seueur nu nyarios lamun hoyong ngiringan studiclub éta kudu kuat ku adatna sabab Kang Daman mah jalmina disiplin pisan janten kasalahan leutik ogé teu tiasa ditoléril, hukuman kanggo istri atanapi pameget teu dibéda-bédakeun, tapi lamun dina ngajarna mah saé soal anu hésé ogé tiasa janten gampil. Sababaraha taun ti éta Téh Yuni téh osok susuratan jeung Kang Daman pédah basa éta Éntin masihan alamat Téh Yuni ka Kang Daman, ti dinya aya trésna-trésna muncul. Nalika aya réuni akbar Téh Yuni sareng Kang Daman patepang terus ngalarobrol kaditu-kadieu dugi ka diheureuyan ku Éntin kanggo laki rabi, lima bulan ti harita Téh Yuni sareng Kang Daman ngalaki rabi.
Téh Amunah téh wanoja Sumedang bogoh ka jajaka anu masih duduluran kénéh sareng anjeuna nyaéta Kang Dikdik, sanajan teu pati deukeut pisan duduluranana ogé. Tapi anu namina tréna mah teu tiasa dieureunkeun atanapi dilarang kedah sina ngaguluyur baé. Pipikirna mah Kang Dikdik téh badé nepangan popotongan kabogohna di Sumedang tapi padahal mah badé ngalamar Téh Amunah tapi Kang Dikdik téh teu acan tiasa ngucapkeunana. Niat mualng ka Sumedang téh da atos lima welas taun Kang Dikdik teu mulang ngan ibu ramana nu sok dijemput kanggo ka Jatinegara. Nalika ditingalian Sumedang téh atos seueur anu robah asa pangling ninggalna ogé. Saatos kukurilingan Sumedang Kang Dikdik téh nelepon ka Téh Amunah kanggo ménta widi ngalamar Téh Amunah mumpung aya di Sumedang, asa ditonjok congcot ditanya kawas kitu, nya langsung wéh diényakeun ku Téh Amunah téh, teu lami ti éta duanana ngalaki rabi.
Bu Satibi mah tiasa ngalaki rabi sareng Pa Satibi téh pédah ayana Batu Jodo di leumburna nyaéta di Kampung Bojong Jahé, Subang. Hampir unggal minggu Pa Satibi osok nyimpen hadiah kanggo Bu Satibi mimiti ti saputangan, artos dugi ka suweung, da atos janten kabiasaan urang ditu mah lamun aya jajaka resep ka hiji wanoja sok nyimpen hadiah kanggo wanoja éta lamun wanojana narima hadiahna berarti jajaka éta ditarima, lamun hanteu berarti jajaka éta kudu milarian wanoja nu sanés. Teu lami ti Pa satibi masihan suweung, Apana Bu Satibi téh naroskeun perkawis Pa Satibi pédah anjeuna téh osok mantuan macul ka Apana. Saatos diwartoskeun itu ieuna perkawis asal-usul Pa Satibi, Bu Satibi sareng pa Satibi ngalaki rabi.
Téh Wulan téh kembang kampus janten seueur pisan jajaka anu mikahayang ka anjeuna. Unggal malam minggu dugi ka aya limaan anu ngapél téh, nya kitu wéh ngararobrol kaditu-kadieu. Tapi ku lantaran Téh Wulana teu masihan kepastian waé saha anu janten kabogohna, unggal malem minggu téh sok aya wéh nu ngurangan dugi ka akhirna mah mung aya duaan nyaéta Kang Wawan putra Juragan Tektstile sareng Kang Sam anu masih kuliah di ITN jurusan Mesin. Téh Wulan badé nangtukeun saha anu janten carogéna téh lamun ajeuna atos lulus Sarjana. Saatos lulus Sarjana Téh Wulan milih Kang Sam janten carogéna teu lami ti éta duanana ngalaki rabi.
Témana dina ranggeuyan carpon ieu téh nyaéta perkawis Duriat éta nyalira anu dijantenkeun judul dina ieu carpon. Ari alurna mah maju mundur lantaran aya sababaraha carita anu dicarioskeun anu kajadianana kapungkur. Ieu carita téh lumayan seueur tokohna diantawisna aya Éning ( Téjaningsih), Téh Nia ( Kurniati), Kang Nana, Titi, Kang Jéjén, Ibu Hj.Satibi, Téh Ratna, Téh Amunah, Si Jojo, Mang Tamim, Ibu Mary Jo Corrigan, Téh Yuni, Bi Anah, Téh Wulan, Téh Halimah sareng Bi Itok. Karakterna mah tiasa katinggal ti dialog antawis tokoh-tokohna jiga Bi Itok anu watakna téh resep heureuy, Bi Anah mah teu pati seueur nyarios, Éning mah jalmina daréh déh, gampil kenal sareng jalmi anyar téh, ari jiga Téh Amunah, Téh Yani, Téh Amunah, Ibu Mary Jo Corrigan, Téh Wulan, Téh Halimah nya watakna mah barageur sareng terbuka pisan sanajan awalna mah éraan. Amanat tina ranggeuyan carpon ieu téh nu namina DURIAT mah atos diatur ku Allah, sanajan urang hoyongna sareng itu tapi teu diijinan ku Allah mah moal ngahiji-ngahiji, jarak teu tiasa janten halangan kanggo duriat mah, da duriat mah atos janten katentuan Allah ti sateu acan urang lahir ka dunya.

Sabtu, 16 Juni 2012


Saatnya Berorganisasi
Diera globalisasi seperti ini skill dalam bidang kepemimpinan sangat dibutuhkan. Kita dapat mengasahnya mulai dari memimpin diri kita sendiri, dengan berjalannya waktu kitapun akan terbiasa memimpin sesuatu yang lebih tinggi. Bila jiwa kepemimpinan itu mulai terbentuk, jiwa berorganisasipun akan muncul. Dengan begitu kitapun akan merasa tertantang untuk berorganisasi. Sudah bukan menjadi hal yang baru berorganisasi itu, karena dengan berorganisasi intelektual kita akan bertambah, jaringan komunikasipun akan bertambah luas, jiwa kepemimpinan semakin terbentuk yang lainnyapun akan mengikuti.
Niatan untuk berorganisasipun tak cukup untuk menjadi alasan, tindakan pasti yang akan menjadi bukti. Maka dari itu untuk terjun berorganisasi kita harus mengikuti alur kaderisasi organisasi tersebut, dengan begitu kita akan lebih tau kemampuan kita ada dibidang apa, jiwa kepemimpinan pun terbentuk, kerja sama antar temanpun akan tercipta, daya intelektual dan emosional pun terasah, dll. Awalnya mungkin kita akan merasa malu karena belum mengenali anggota organisasi tersebut, terkadangpun merasa minder dengan kamampuan orang lain yang diatas kita, maka dari itu kita harus bersosialisasi dengan anggota yang lain sehingga antar anggota bisa saling melengkapi kekurangan yang dimiliki anggotanya. Dengan begitu kerja samapun akan terbentuk hingga menjadi tim kerja yang solid.
Pengalaman-pengalaman dari setiap kegiatan yang diadakan oleh organisasi akan menjadi pengalaman baru yang paling berharga bagi masing-masing anggota dan saat seperti itupun emosional kita dipertaruhkan akankah kita tetap egois ataukah akan lebih mementingkan bersama ? Hanya orang yang memiliki jiwa kepemimpinan baik yang akan memilih kepentingan bersama. Hubungan harmonis sangat penting dalam berorganisasi karena bila kita nyaman berada disekitar mereka kitapun akan merasa ingin lebih lama menjadi tim kerja dengan mereka, namun bila sebaliknya kita akan merasa tidak betah sehingga ingin cepat-cepat berakhir dalam organisasinya. 150612

Minggu, 27 Mei 2012

Dongeng Sasakala

Dongéng Sasakala Gunungputri- Bogor

            Kacaritakeun aya hiji Raja anu karék di tinggalkeun pupus ku istrina. Raja téh mani deudeuh pisan ka istrina, nalika ngantunkeun Raja janten kapikiran waé. Putri milarian calon kanggo Raja. Saatos tunya-tanya ka sakampungna anjeuna papendak sareng randa anu soméah diajak wéh ka Istana sareng putrana. Putri téh langsung ngawanohkeun éta randa ka Raja. Jigana mah Raja ogé satuju sareng Putri kanggo ngangkat éta randa janten istrina. Karajaan langsung ngayakeun hajatan ageung dugi ka lumangsungna ogé saminggu pinuh. Nya rahayat mah remen-remen waé da jarang pisan aya hiburan di daérah ieu mah. Raja bungah pisan tiasa gaduh deui istri anu engkena janten palipur haté kanggo anjeuna. Kaleresan putrana téh istri janten réréncangan ameng Putri. Putri teu nyangki kahirupana tiasa bagja jiga kieu saatos dikantunkeun ku Ibuna. Indung sareng adina mani soméah pisan ka Raja sareng ka Putri téh janten bagja.
            Saatos mang bulan-bulan ti hajatan ageung harita, mimiti ka ciri aya kalakuan goréng boh ti Indung boh ti Adi. Baheula mah Adi téh sok hoyong mun diajak ameng tapi ayeuna mah osok alim waé alesana mah “ alim ah panas bisi hideung” kadang mah osok bari nyentak nyariosna ogé. Putri ayeuna mah osok ameng wéh sareng dayang-dayangna di sisi kolam renang bari nyemprot-nyemprotkeun cai dugi ka ngabaseuhan acukna. Adina mah ngan dangdan waé di kamar jeung Indungna bari nyarioskeun rencana kanggo ngéléhkeun Putri supados Putra Mahkota ti Karajaan sabrang tiasa janten carogé Adina. Putri mah teu teurang nanaon soal perjodohan éta tapi Indungna atos ngadangu cariosan Raja sareng Raja sabrang. Sagala cara kanggo ngéléhkeun Putri dilakonan ku Adina téh mimiti ti diajak tuang kueh padahal mah aya racunan, dugi ka ngajak ibak di Leuwi padahal mah badé dibunuh ku Indungna.
            Putri mah teu gaduh pikiran goréng boh ka Indungna boh ka Adina, nu aya dipikirana mah bageur jeung bageur wéh teu aya nu sanés. Dugi ka rencana kanggo ngabunuh Putri di Leuwi téh kajadian, teu aya nu teurang kamana Putri da di Leuwi ogé teu aya. Raja ngarahkeun Prajuritna kanggo milarian Putri di Leuwi, Raja teu ngeunah haté mikiran Putri anu ngaleungit nalika ibak di Leuwi anu sareng Adina. Nalika soré Prajurit ngabarkeun yén Putri kapendak di Kampung Sabeulah tapi atos janten mayit. Raja mani kasiksa pisan ngadangu caritana asa teu nyangka kunaon Putri tiasa palid dugi ka jauh kitu, padahal mandina téh duaan jeung Adina. Mayit Putri buru-buru dimandian bisi kaburu bau. Énjingna Putri dikurubkeun dicakeut makam Ibuna. Bakat ku soméahna éta Putri sanajan atos janten mayit masih kénéh geulis. Saatos ti makam Indung sareng Adina luluncatan bakat ku bagja ku sabab Putri atos ngantunkeun janten teu aya deui anu ngahalangan kanggo ngagungan Putra Mahkota ti Karajaan sebrang téh. Leres wéh Raja janten ngajodohkeun Putra Mahkota ka Adina. Tapi sateu acan janten acara hajatana aya kabar ti rahayat yén makam Putri unggal dinten ngajangkungan. Raja anu ngadanguna reuwas bari mikir aya naon jeung Putri. Nalika acara hajatan badé dimimitian aya lini anu ageung pisan sareng makam Putri beuki ngajangkungan dugi ka éta Karajaan ka tutup ku makam Putri éta. Janten mimiti ti dinya masyarakat nyebut éta gunung janten “ Gunungputri “.