Wawacan Mundingkawati
Identitas buku
Judul :
Mundingkawati Didangdingan Ku : Dirina
Penerbit :
PITALOKA, Garut
Tebal : 23
Kacaritakeun aya hiji Raja anu atos
mangtaun-taun ngalaki rabi tepi teu acan kangungan putra, dugi ka nyungkeun
diubaran ku dukun mugia kagungan putra. Leres wéh teu lami ti éta Praméswari
hamil dugi ka ngalahirkeun bayi pameget. Bayina meni kasép pisan, seueur anu
nyarios yén putra Raja téh meni pantes pisan kanggo janten Raja engké. Bayi
Raja téh namina Mundingkawati, saatos déwasa katinggal sipat-sipat anu
nyirikeun tindak-tanduk teu hade. Bakat ku diogo teuing ku Ibu Ramana,
Mundingkawati janten adigung pisan lantaran ngarasa putra Raja. Teu ka kolot
teu ka nu ngora nyariosna kasar téh, sakasar perilakuna.
Hiji waktos Mundingkawati ngajak
Punggawa kanggo moro uncal ka Leuweung. Teu seueur anu ngiring mung sababaraha
urang hungkul. Nalika di Leuweung Mundingkawati ningali uncal langsung wéh
diudag. Teu ka raos atos dugi cakeut jurang bét ayeuna mah kalah ka janten
Karajaan anu agréng. Bari ningalian kalebet Mundingkawati bakat ku reuwas aya
Karajaan agréng di Leuweung. Teu lami Raja Jin Bulu Hérang ngadatangan Mundingkawati, Raja
Jin langsung nyaritakeun kagoréngan Mundingkawati bari mamatahan ulah adigung
cara kitu, tapi Mundingkawati alimeun kalah ka leuwih adigung. Raja Jin téh
ngutuk Mundingkawati janten uncal, terus langsung kaluar ti Karajaan éta. Di
jalan Mundingkawati anu janten uncal téh papendak sareng Punggawana, kalah ka
bade ditumbak tapi si uncalna
kalah ka kabur.
Nalika sore Punggawa mulang bari
ngabéwarakeun yén Mundingkawati leungit,Raja Gandawangi sareng Praméswari saredih pisan.
Saatos dikutuk janten uncal, Mundingkawati dikutuk janten aki-aki réngkod.
Aki-aki réngkod téh ngadongkapan hiji kampung bade nyungkeun pitulung, tapi
kalah ka dihusir ku Ronda. Bakat ku cape anjeuna calik di handapeun tangkal ageung, Raja Jin téh
dongkap deui. Mundingkawati jangji moal adigung deui jiga basa harita, terus
wéh Raja Jin ngabulkeun paméntana. Saatos Mundingkawati janten manusa deui
langsung mulih ka Karajaanana, Raja sareng Praméswari bungah pisan ningali
Mundingkawati mulih. Mundingkawati nyungkeun hampura ka Ibu Ramana lantaran
sikep adigungna sareng kasadayana ogé. Mimiti ti dinya Mundingkawati janten
jalmi anu soméah.
Kekecapan anu saé :
Sinom
“
Sim abdi maksad pertobat,
Sumpah
ka Déwa nu leuwih,
Jangji
ti danget ayeuna,
Moal
kumawantun deui,
Ogoan
goréng budi,
Teu
tumut ka wuruk sepuh,
Karaos
balukarna,
Nu
bedegong ieu aing,
Teu
yamuga doraka matak
sangsara”.
Kekecapan
di luhur téh kekecapan nu saé kulantaran kandungan maknana jéro pisan nyaéta,
lamun urang adigung, teu nurut ka sépuh, goréng budi balukarna bakal kena ka
diri urang sorangan moal kasasaha deui, kulantaran kitu urang ulah wani-wani
kitu karunya sépuh anu mikiran urang siang wengi lantaran sikep urang nu goréng
sanajan anjeuna mah moal weleh teu asih ka putrana mah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar