Selasa, 20 November 2012

DURIAT


DURIAT

            Duriat hartosna trésna atanapi cinta, anu sok diucapkeun nalika nuju katinggang lové lamun saur urang barat mah. Kekecapan cinta téh sok ngagoloyor baé abong-abong nuju falling in love mah, anu biasana disebat goréng tiasa janten hadé, sagala kagoréngan ogé asa teu kaciri da nu kacirina mah sampurnana, lamun aya anjeuna asa tengtrem ieu haté, sanajan mimitina mah osok éraan kénéh tapi ari atos lami mah asa teu éraan deui. Rasa bagja anu teu katulungan lamun jalmi anu ku urang pikacinta tiasa janten batur hirup, asana téh dunia nu duaan, nu sanés mah ngontrak. Tapi teu sadaya carita cinta téh mulus-mulus waé pasti aya masalahna, teu nu gedé teu nu leutik pasti aya. Aya ogé istilah Jodo mah jorok maksad ti istilah éta téh, ngajodosareng jalmi anu teu disangka-sangka. Janten manusa mah ngantiasa usaha, mung Allah SWT anu nentukeunana, da jodo mah moal patuker jeung moal kamana. Asal urang kudu yakin pilihan Allah téh pasti nu panghadéna kanggo urang, ulah sok gurung gusuh teu puguh nuturkeun napsu.
            Jiga eusi dina ranggeuyan carita pondok ieu anu nyarioskeun perkawis carita cinta ti para sepuh anu dugi tiasa laki rabi sareng carogena. Aya jajaka Sunda namina Kang Jajang anu nikah sareng wanoja Amérika nu namina Mary Jo, sanajan jarakna jauh pisan tapi ari namina jodo mah moal kamana. Wanoja Amérika téh kataji ku pari polahna anu sopan sareng raketna antawis kulawargana anu teu dikagungan ku wanoja éta. Saatos nikah mah kulawarga wanoja téh rubah janten leuwih raket batan basa éta anu pajauh pisan. Padahal mah Kang Jajang téh Manager di salah sahiji Réstauran di Amérika, Téh Mary Jo janten pelayan di Réstoranana. Téh Mary Jo ngiringan khursus ngadamel keramik anu teu pati jauh ti tempat didamelna, hiji waktos Kang Jajang téh hoyong ngiring kaditu dianter wéh ku Té Mary Jo, diditu anjeuna ningalian hasil keramik ti murid-murid si Aki-aki, aya hiji keramik anu saé ternyata éta téh karyana Téh Mary Jo. Mimiti ti dinya Kang Jajang miwarang Téh Mary Jo kanggo neleman bakatna nyaéta dina bidang keramik dugi ka Téh Mary Jo meunang workshop kanggo seniman ngora ka Pulau Kréta, Yunani. Saatos mulang ti acara workshop éta Téh Mary Jo diajak kang jajang ka Indonesia kanggo papendak sareng ibu ramana, teu lami ti éta Téh Mary Jo sareng Kang Jajang ngalaki rabi.
Caritana Téh Yuni mah bénten deui jeung nu sané nyaéta, anjeuna mah tepang sareng carogéna ti ngawitan anjeuna sakola kénéh di Sakola Guru Atas tah kaleresan Kang Daman téh osok masihan studiclub ka ayi-ayi anu masih sakola kénéh da Kang Daman mah atos janten mahasiswa. Téh Yuni kaleresan ngiringan studiclub Matématika sareng Kimia anu diajarna ku Kang Daman, seueur nu nyarios lamun hoyong ngiringan studiclub éta kudu kuat ku adatna sabab Kang Daman mah jalmina disiplin pisan janten kasalahan leutik ogé teu tiasa ditoléril, hukuman kanggo istri atanapi pameget teu dibéda-bédakeun, tapi lamun dina ngajarna mah saé soal anu hésé ogé tiasa janten gampil. Sababaraha taun ti éta Téh Yuni téh osok susuratan jeung Kang Daman pédah basa éta Éntin masihan alamat Téh Yuni ka Kang Daman, ti dinya aya trésna-trésna muncul. Nalika aya réuni akbar Téh Yuni sareng Kang Daman patepang terus ngalarobrol kaditu-kadieu dugi ka diheureuyan ku Éntin kanggo laki rabi, lima bulan ti harita Téh Yuni sareng Kang Daman ngalaki rabi.
Téh Amunah téh wanoja Sumedang bogoh ka jajaka anu masih duduluran kénéh sareng anjeuna nyaéta Kang Dikdik, sanajan teu pati deukeut pisan duduluranana ogé. Tapi anu namina tréna mah teu tiasa dieureunkeun atanapi dilarang kedah sina ngaguluyur baé. Pipikirna mah Kang Dikdik téh badé nepangan popotongan kabogohna di Sumedang tapi padahal mah badé ngalamar Téh Amunah tapi Kang Dikdik téh teu acan tiasa ngucapkeunana. Niat mualng ka Sumedang téh da atos lima welas taun Kang Dikdik teu mulang ngan ibu ramana nu sok dijemput kanggo ka Jatinegara. Nalika ditingalian Sumedang téh atos seueur anu robah asa pangling ninggalna ogé. Saatos kukurilingan Sumedang Kang Dikdik téh nelepon ka Téh Amunah kanggo ménta widi ngalamar Téh Amunah mumpung aya di Sumedang, asa ditonjok congcot ditanya kawas kitu, nya langsung wéh diényakeun ku Téh Amunah téh, teu lami ti éta duanana ngalaki rabi.
Bu Satibi mah tiasa ngalaki rabi sareng Pa Satibi téh pédah ayana Batu Jodo di leumburna nyaéta di Kampung Bojong Jahé, Subang. Hampir unggal minggu Pa Satibi osok nyimpen hadiah kanggo Bu Satibi mimiti ti saputangan, artos dugi ka suweung, da atos janten kabiasaan urang ditu mah lamun aya jajaka resep ka hiji wanoja sok nyimpen hadiah kanggo wanoja éta lamun wanojana narima hadiahna berarti jajaka éta ditarima, lamun hanteu berarti jajaka éta kudu milarian wanoja nu sanés. Teu lami ti Pa satibi masihan suweung, Apana Bu Satibi téh naroskeun perkawis Pa Satibi pédah anjeuna téh osok mantuan macul ka Apana. Saatos diwartoskeun itu ieuna perkawis asal-usul Pa Satibi, Bu Satibi sareng pa Satibi ngalaki rabi.
Téh Wulan téh kembang kampus janten seueur pisan jajaka anu mikahayang ka anjeuna. Unggal malam minggu dugi ka aya limaan anu ngapél téh, nya kitu wéh ngararobrol kaditu-kadieu. Tapi ku lantaran Téh Wulana teu masihan kepastian waé saha anu janten kabogohna, unggal malem minggu téh sok aya wéh nu ngurangan dugi ka akhirna mah mung aya duaan nyaéta Kang Wawan putra Juragan Tektstile sareng Kang Sam anu masih kuliah di ITN jurusan Mesin. Téh Wulan badé nangtukeun saha anu janten carogéna téh lamun ajeuna atos lulus Sarjana. Saatos lulus Sarjana Téh Wulan milih Kang Sam janten carogéna teu lami ti éta duanana ngalaki rabi.
Témana dina ranggeuyan carpon ieu téh nyaéta perkawis Duriat éta nyalira anu dijantenkeun judul dina ieu carpon. Ari alurna mah maju mundur lantaran aya sababaraha carita anu dicarioskeun anu kajadianana kapungkur. Ieu carita téh lumayan seueur tokohna diantawisna aya Éning ( Téjaningsih), Téh Nia ( Kurniati), Kang Nana, Titi, Kang Jéjén, Ibu Hj.Satibi, Téh Ratna, Téh Amunah, Si Jojo, Mang Tamim, Ibu Mary Jo Corrigan, Téh Yuni, Bi Anah, Téh Wulan, Téh Halimah sareng Bi Itok. Karakterna mah tiasa katinggal ti dialog antawis tokoh-tokohna jiga Bi Itok anu watakna téh resep heureuy, Bi Anah mah teu pati seueur nyarios, Éning mah jalmina daréh déh, gampil kenal sareng jalmi anyar téh, ari jiga Téh Amunah, Téh Yani, Téh Amunah, Ibu Mary Jo Corrigan, Téh Wulan, Téh Halimah nya watakna mah barageur sareng terbuka pisan sanajan awalna mah éraan. Amanat tina ranggeuyan carpon ieu téh nu namina DURIAT mah atos diatur ku Allah, sanajan urang hoyongna sareng itu tapi teu diijinan ku Allah mah moal ngahiji-ngahiji, jarak teu tiasa janten halangan kanggo duriat mah, da duriat mah atos janten katentuan Allah ti sateu acan urang lahir ka dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar