Dongéng
Sasakala Gunungputri- Bogor
Kacaritakeun aya hiji Raja anu karék
di tinggalkeun pupus ku istrina. Raja téh mani deudeuh pisan ka istrina, nalika
ngantunkeun Raja janten kapikiran waé. Putri milarian calon kanggo Raja. Saatos
tunya-tanya ka sakampungna anjeuna papendak sareng randa anu soméah diajak wéh
ka Istana sareng putrana. Putri téh langsung ngawanohkeun éta randa ka Raja.
Jigana mah Raja ogé satuju sareng Putri kanggo ngangkat éta randa janten
istrina. Karajaan langsung ngayakeun hajatan ageung dugi ka lumangsungna ogé
saminggu pinuh. Nya rahayat mah remen-remen waé da jarang pisan aya hiburan di
daérah ieu mah. Raja bungah pisan tiasa gaduh deui istri anu engkena janten palipur
haté kanggo anjeuna. Kaleresan putrana téh istri janten réréncangan ameng
Putri. Putri teu nyangki kahirupana tiasa bagja jiga kieu saatos dikantunkeun
ku Ibuna. Indung sareng adina mani soméah pisan ka Raja sareng ka Putri téh
janten bagja.
Saatos mang bulan-bulan ti hajatan
ageung harita, mimiti ka ciri aya kalakuan goréng boh ti Indung boh ti Adi.
Baheula mah Adi téh sok hoyong mun diajak ameng tapi ayeuna mah osok alim waé
alesana mah “ alim ah panas bisi hideung” kadang mah osok bari nyentak
nyariosna ogé. Putri ayeuna mah osok ameng wéh sareng dayang-dayangna di sisi
kolam renang bari nyemprot-nyemprotkeun cai dugi ka ngabaseuhan acukna. Adina
mah ngan dangdan waé di kamar jeung Indungna bari nyarioskeun rencana kanggo
ngéléhkeun Putri supados Putra Mahkota ti Karajaan sabrang tiasa janten carogé
Adina. Putri mah teu teurang nanaon soal perjodohan éta tapi Indungna atos
ngadangu cariosan Raja sareng Raja sabrang. Sagala cara kanggo ngéléhkeun Putri
dilakonan ku Adina téh mimiti ti diajak tuang kueh padahal mah aya racunan,
dugi ka ngajak ibak di Leuwi padahal mah badé dibunuh ku Indungna.
Putri mah teu gaduh pikiran goréng
boh ka Indungna boh ka Adina, nu aya dipikirana mah bageur jeung bageur wéh teu
aya nu sanés. Dugi ka rencana kanggo ngabunuh Putri di Leuwi téh kajadian, teu
aya nu teurang kamana Putri da di Leuwi ogé teu aya. Raja ngarahkeun Prajuritna
kanggo milarian Putri di Leuwi, Raja teu ngeunah haté mikiran Putri anu
ngaleungit nalika ibak di Leuwi anu sareng Adina. Nalika soré Prajurit
ngabarkeun yén Putri kapendak di Kampung Sabeulah tapi atos janten mayit. Raja
mani kasiksa pisan ngadangu caritana asa teu nyangka kunaon Putri tiasa palid
dugi ka jauh kitu, padahal mandina téh duaan jeung Adina. Mayit Putri buru-buru
dimandian bisi kaburu bau. Énjingna Putri dikurubkeun dicakeut makam Ibuna.
Bakat ku soméahna éta Putri sanajan atos janten mayit masih kénéh geulis.
Saatos ti makam Indung sareng Adina luluncatan bakat ku bagja ku sabab Putri
atos ngantunkeun janten teu aya deui anu ngahalangan kanggo ngagungan Putra
Mahkota ti Karajaan sebrang téh. Leres wéh Raja janten ngajodohkeun Putra
Mahkota ka Adina. Tapi sateu acan janten acara hajatana aya kabar ti rahayat
yén makam Putri unggal dinten ngajangkungan. Raja anu ngadanguna reuwas bari
mikir aya naon jeung Putri. Nalika acara hajatan badé dimimitian aya lini anu
ageung pisan sareng makam Putri beuki ngajangkungan dugi ka éta Karajaan ka
tutup ku makam Putri éta. Janten mimiti ti dinya masyarakat nyebut éta gunung
janten “ Gunungputri “.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar